Ulah Ngahina, Nyawad Atawa Nyela

Allah SWT ngadawuh:
"yà ayyuhhal ladzìna àmanù là yaskhor qoumum ming qoumin 'asà ay yakùnù khoirom minhhum wa là nisàum min nisà-in 'asà ay yakunna khoirom minhhunna wa là talmizù angfusakum wa là
tanà bazù bil alqòbi bi-sal ìsmul fusùqu ba'dal ìmàni wa mal lam yatub fa-ùla-ika hhumuzhòlimùn".

"Heh jalma-jalma nu ariman, ulah arek ngahina ka batur, lantaran bisa jadi nu dihina teh leuwih alus ti maneh (boh awewe atawa lalaki). Ulah arek silih carekan jeung sasama, ulah ngagentraan ku sebutan anu goreng. Ngaran nu panggoreng-gorengna nyaeta pasek saba'da iman. Sing saha anu embung tobat, eta teh jalma aniaya".
(Al-Hujarat 11).
-

Ulah arek ngahina jeung nyaci, sabab boa teuing alus nu dipikangewa tinimbang nu mikangewa. Boa alus nu dicacad batan nu nyacad. Boa alus nu dihina batan nu ngahina. Pikeun ngabendung eta, piceun rasa: alus urang batur goreng, rasa cukup tukang ibadah, nyangka salah bae ka batur, jeung sok agul. Pikeun nga-erem-na nyaeta bersih ati ikhlas rasa.

Poma ulah ngalakukeun ibadah dibarengan ku takabur, ria, ujub jeung puyak-poyok, alatan ibadahna bisa teu jadi.

Mun mah dihina, wayahna kudu sabar. Kusababiyahna sabarna eta, sugan we nu ngahina bisa eling deui. Mun mah kakara dipoyok geus ambek, mangka moal aya eureuna.

Mun dihina, pek geura urang teh cicing. Mun dipoyok, pek geura urang teh repeh, tangtu geura aya Perbaikan. Rek kusaha deui atuh dirasakeunana sabar jeung tawekal teh lamun lain ku diri urang sorangan mah.

Tembongkeun sabar jeung antep kana panghina jeung pamoyok batur.

Hasilna tina sabar, nyaeta repeh-rapih mashlahat lahir batin.

Thorekat ieu ulah dipake galideur deui sabab ngarupakeun tugas ti Allah parentah ti Nabi. Mun dipake galideur, tangtu moal aya hasilna.

Nabi SAW ngadawuh:
"allòhhu robbuna wa robbukum lanà amalunà wa lakum amalukum là hujjata bainanà wa bainakum".

"Allah Pangeran urang sarerea. Amal urang keur urang, amal batur keur batur. Ulah jadi papaseaan di antara urang sarerea".

Omat ulah pacekcokan, eta teh cacad tina amal, matak rungkad amal.

Geura urang nyonto ka Nabi, nalika tabligh di To'if, anjeuna ditalenggoran dugi kabaloboran getih, teras ditawisan ku malaikat supados eta jalma anu nalenggoran teh diancurkeun, ari walerna: "Heh malaikat, lamun eta jalma diancurkeun, kumaha teuing engke anakna? Upama bapana ayeuna embungeun, susuganan atuh incuna daekeun". Tah kitu tabahna Rosululloh SAW.

Jalankeun syareat, thorekat, hakekat jeung ma'rifat, ngarah ngeusi badana, ngeusi nyawana, ngeusi rasanana, jeung ngeusi rasaning rasana. Alat keur ngeusikeunana nyaeta Inget Ka Allah Dzikir Ka Pangeran.

Eusikeun eta dzikir kana tiap-tiap lathifah, tina qolbi, ruhi, sirri, khofi, akhfa, nafsi dugi ka qolab, bulu, kulit, daging, tulang, sumsum, urat jeung getih pinuh ku rasa dzikir.

Eta dzikir moal ngeusi mun tetep balangah.

Ibadahkeun badan kucara ngalaksanakeun fiqih.

Ibadahkeun nyawa kucara ngalaksanakeun tasawuf.

Ibadahkeun rasa kucara ngalaksanakeun tauhid.

Ibadahkeun rasaning rasa kucaraning yaqin sayaqin yaqina.

Teu kasebut yaqin upama can bener-bener percayana, sakapeung percaya, sakapeung cangcaya. Eta teh hartina kosong. Mun keur loba duit percaya sagala meunang Allah, tapi mun keur teu boga duit cangcaya ka Pangeran.

Keur ningkatkeun yaqin, mangka dzikirna kudu sumarambah kana tiap-tiap lathifah ngarah ningkat kana muroqobah.

Isro Mi'roj teh ngandung harti:
Isro:
Lumampah Terus Pantang Mundur.
Mi'roj: Naek-naek terus naek.
Hartina Isro Mi'roj teh nyaeta ngalampahkeun ibadah nu teu aya eureuna.

Rek kumaha lumampah dina ibadah anu teu eureun-eureun mun dina dzikir ge sok dipake ngalamun, kulantaran kitu kudu:

"ud khulù fìs silmi kàffah".

"Asup kana islam sagemblengna".
(Al-Baqoroh 208).

....nyaeta rasa sumerah ka Pangeran, nyanggakeun ka
Pangeran, nyerahkeun ka Pangeran.

Amal urang gumantung kana penyerahanana:

"inna sholàti wa nusukì wa mahyàya wa mamàti lillàhi robbil 'àlamìn".

"Saestuna sholat abdi, ibadah abdi, hirup abdi, maot abdi masrahkeun ka Gusti Pangeran sakabeh alam".
(Du'a Iftitah).

Pentingna dzikir sing dugi ka aya sorana, ngarah timbul resep. Geuning dawuhan Nabi SAW:
"Alàmatu hubbillàhhi hubbu dzikrillahh".

"Cirina resep ka Allah teh nyeta resep dzikir ka Allah".

Naha nu sok dzikir tos timbul resepna? Mun mah samenit resep sajam teu resep mah can kasebut resep. Kakara ge narik dzikir 3 ka 4-na tos Sayyiduna mah can kaasup resep, lain tara dzikir tapi can resep kana dzikir.

Rasa resep bisa timbul alatan ditumanan. Ari tos resep mah sok ngancik ma'rifat, nyaeta nyerah kabeh ka Pangeran, boh dina keur ibadah, cacak-cacak dina keur dahar-nginum ge atawa keur naon bae teu weleh raga katut nyawa dipasrahkeun ka Pangeran.

Nu ngarana pasrah teh lain badan mendekong hate nukang.
Prak pigawe Thorekat Qodiriyah Naqsyabandiyah
ieu teh kalawan enya-enya sanajan ngan kakara rubuh-rubuh gedang ge syareat mah urang pake, sanajan ngan ukur maca-maca bae mah thorekat dijalankeun, sangkan eta syareat jeung thorekatna, badan jeung hatena ngocor kana Lillàhi Ta'àla.

Jalma anu Lillàhi ta'ala teh nyaeta jalma anu salawasna hatena eling dzikir ka Gusti Alah, sakumaha dawuhan Nabi SAW:
"dzikrul khofi afdholu ming dzikril jahri sabi'ina du'fan".

"Dzikir khofi leuwih utama tibatan dzikir jahar, 70 tikeleun alusna".
(HR.Baihaqi).

Dawuhanana deui:
"là tasma'ul hafadho".

"Teu kadangueun ku Malaikat Hafadho".

Teu kadangu, teu katulis jeung teu kacatet, anging Allah anu ngadangu, anu nulis jeung anu nyatet.

Amal anu lali tina
dzikir khofi, mangka Allah ngadawuh:
"Euweuh gening lillahi-na teh? Euweuh gening ka Aing mah?".

Kapan upama kitu teh dibalikeun deui amal urang teh, malah ditenggorkeun kana beungeutna nu boga amal, sabab pinuh ku ria, ujub jeung takabur.

Pikeun jalma nu geus diasupan dzikir khofi kudu "idzabtuliya shobaro wa idza u'thiya syakaro".

"Di mana datang musibah kudu sabar, di mana datang bungah kudu syukuran".

Mun datang musibah, harita keneh kudu karasa yen musibah teh ti Allah, teu kudu ditalengteng deui. Kadongdora atuh mun kapanggihna geus 8 poe atawa saba'dana nyiksa anak jeung pamajikan, bari teu pira musibahna, pedah pare ku beurit.

Mun datang bungah, harita keneh syukuran ka Allah.

Mun geus ajeg dzikir khofina mah, datang musibah sabar, datang bungah syukur, sabab geus ngarasa yen awak sorangan ge loba salahna.

Kaunggel dina hadits qudsi:
"Sing saha nu teu pasrah sumerah kana papasten ti Kami, sing saha nu rek teu sabar kana sagala balai ti Kami, sing saha nu teu syukur tumarima kana anugrah ti Kami, pek bijil ti kolong langit Kami, pek neangan deui Pangeran lain ti Kami".

Sakitu sangetna bendu Allah teh alatan teu tepung rasa urang kana rasa lillah, margi Allah tos ngadawuh dina hadits qudsi:
"Kami teh ingetkeuneun manusa, rasakeuneun manusa, manusa ge rasa ti Kami. Pek rasakeun sagala ge, da kabeh ge beunang Allah".

Dibere kieu lain, dibere kitu lain, atuh mun kitu mah hayang lain.

Pikeun miceun musibat, pek ancikeun dzikir khofi sina sumarambah kana tulang nepi kana sumsum, ameh salawasna asa kaintip terus ku Allah, tah eta anu disebut muroqobah teh.

Eta dzikir pigawe enya-enya pikeun ngeusian rasa, ulah dugi karewong ku sagala aturan. Mun manggih kanyeri atawa kasusah, anggap bae lalab rumbah, sambara ti Allah pikeun ngalatih diri urang.
-
Inti Sari Wejangan Pangersa Abah, Sya'ban 1393 H.
-